Pages - Menu
▼
Kamis, 28 November 2013
budaya masyarakat sunda
Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah,
nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun
salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.[1] Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin “Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun.[1] Bisa dihartikeun ogé salaku ngolah tanah atawa tatanén.[1] Kécap culture ogé bisa dihartikeun salaku “kultur” dina basa Indonesia.[1] Kabudayaan didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial
nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung
pengalamanna, sarta jadi landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna
kabudayaan mangrupakeun sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh,
rencana-rencana, jeung strategi-strategi nu ngawéngku sarangkaian model-model kognitif
nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif Dina
nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung
tindakan-tindakanna.[1]
Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku
makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun
lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.[1]
Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina masarakat
atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung
pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar
jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh
henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).[1]
Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan
kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku
pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran
lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.[1] Sedengkeun Sunda nya éta istilah pikeun idéntitas hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.[2]
Tidak ada komentar:
Posting Komentar